Kidung Kabungahan | Daftar Isi Pujian

Kidung KabungahanKidung Kabungahan
  • Bait 1:
    Geus datang deui Ahad, poe kabungahan.
    Nu mawa kareureuhan, pikeun hate umat.
    Nu nyorang kasusahan, tur banget nalangsa.
    Maranggih kasenangan panglipur sawarga.

    Bait 2:
    Geus datang deui Ahad, pasihan ti Gusti.
    Ti Allah anu suci, Anu ngurus umat.
    Eh, hate jung ka luhur, kapan maneh bungah.
    Geura pek muji sukur, ka Pangerang nyembah.
  • 1. Eh, Kristen geura muji, pek ngagungkeun Rama.
    Sarta nyanggakeun bakti, ka Yesus Putrana.
    Gusti maparin deui, ka anu percaya.
    Berkahna dinten suci nu agung tur mulya.

    2. Anu barungah hate, nu boga kasusah.
    Kudu karumpul kabeh, di jro gedong Allah.
    Gusti mugi berkahan, sim abdi sadaya.
    Paparin kasenangan, kurniaan nyawa.

    3. Mugi Gusti ngamakbul, paneda sim abdi.
    Keur nu teu bisa kumpul, ku dumeh garering.
    Mugi Gusti nyageurkeun, nu keuna kasawat.
    Sangkan pada ngagungkeun, Maruji ngahormat.

    4. Ti sim abdi tebihkeun, sadaya panggoda.
    Sangkan bisa ngupingkeun, pangandika Ama.
    Mugi abdi ngarasa, ditulung ku Gusti.
    Keur kumpul di Gareja, hate ditetepkeun.
  • Mohon maaf belum saya tulis
  • Mohon maaf belum saya tulis
  • Mohon maaf belum saya tulis
  • Mohon maaf belum saya tulis

You may like these posts

2 comments

  1. Gerry Atje
    Mohon informasinya bila ada penulisan lirik Kidung Kabungahan yang tidak tepat agar bisa dengan segera diperbaiki. Terimakasih bapak dan ibu.
  2. Dhini
    Terima kasih ... ke depannya semoga bisa dicantumkan notasi angkanya.
  1. To insert a code use <i rel="pre">code_here</i>
  2. To insert a quote use <b rel="quote">your_qoute</b>
  3. To insert a picture use <i rel="image">url_image_here</i>